Jajanan ala Luragung
Pami saderek urang luragung pasti moal birek deui kanu namina Golono, Gepeu, Hucap, Sangu Kasreng, Angling, Papais Monyong, Jawadah, Raginang, jeung sajabina.
Tah, eta teh termasuk sababaraha jajanan khas di luragung. Manawi bilih aya anu uniga deui mangga atuh di antos di comment na.
3:36 AM | 0 Comments
Urang Luragung
Pami ningali ka judul diluhur urang sadaya pasti satuju yen iyeu website/blog ngawakilan identitas palawargi pituin Luragung. Tapi, teu adil saupami urang sadaya teu masihan apresiasi atanapi ngulahkeun kanu sanes supados ngarojong iyeu blog, Haduh kang. Bun , Kang. Yayan, a' Toto, a'Andy, Teh'Mila tulungan kuring kanggo ngalajeng ieu mukadimah meuni hararese pisan make basa sunda... ampun Gusti hampura abdi tos hilap tur gagap ka basa indung/lemah cai.
Manawi supados di uninga oge kunu sanesna, blog Luragung tos aya salereus na mah,mun teu lepat anu a'Toto alamat di http://luragung.blogspot.com sareng hiji deui http://luragung.wordpress.com mung sapertosna eta mah blog pribadi a'Toto anu sibuk kaleresan di percanten janten Pemred RADAR CIREBON. Punteun a'Toto ieu mah sanes kumawantun, atanapi bade nga-boikot blog nu tos aya... ieu mah blog rame-rame kanggo urang luragung ke nu a'Toto urang di-link oge didieu.
Tos sakitu heula, ke urang sampurna keun Mukadimahna.
Oh enyak hilap ... inspirasi ngadamel ieu Blog teh ti Group Fesbuk sareng mesej ti a'Andy Host.
2:04 PM | 0 Comments

